Rabu, 04 Maret 2015

BUDAK HIDEUNG

Budak hideung goréng rupa
buuk ngarambueuk rintit
ku indung pulung diasih
lantaran ku daékanana.

Teu saeutik nu ngahina
pasrah narimakeun nasib
kanikmatan tanpa tepi
permata nu pangmahalna.

Si hideung muka buntelan
horéng eusina teh waluh
dibantingkeun kana batu
bray beulah hérang ngagenyas.

Janggélék hiji nagara
budak hideung salin rupa
satria gagah perkasa
Danuwarsa katelahna.

BUDAK BUNCIR

Si Buncir naheunkeun bubu
pareng meunang anggay-anggay
diwadahan kana batok.

Hayam macok anggay-anggay
Si Buncir boga paménta
hayam nu jadi gantina.

Hayamna katinggang halu
atuh paéh saharita
halu nu jadi gantina.

Haluna katincak munding
sabab potong ménta ganti
Si Buncir dakwa ka hakim
munding milikna Si Buncir.

Mundingna katinggang limus
paéh ménta digantian
ku Ki Tani diturutkeun
buah limus matak uruy.

Demi Nyi Putri ningali
kacida pisan palayna
limus dipesék dituang
séép ngan tinggal pelokna.

Nyi Putri jadi gantina
Buncir teras salin rupa
jangkung pohara kasépna
katelahna Gandarasa.

SILIH TULUNGAN

Nyiruan dina pancuran
titeuleum méh baé paéh
Titiran nenjo Nyiruan
kanyaah mapaés haté.

Geuwat metik dangdaunan
diragragkeun kana cai
ngarayap éta Nyiruan
teu tulus nemahan pati.

Titiran ku paninggaran
diintip-intip dipanah
Nyiruan mulang tarima
nyeureud bitis paninggaran.

Paninggaran ngagurubug
teu tulus manah Titiran
geus lésot kabéh bangbaluh
lantaran silih tulungan.

PAPARAHUAN

Manintin manuk Manintin
paparahuan reujeung Tunggeu
parahuna cangkang bonténg
bonténg suri anu gedé.

Soloyong angkleung-angkleungan
kakawihan suka bungah

“Tin, tin, Manintin
gengngng!”

Katembong ku Caladi Kundang
ngageleber hiber
teup enteup na parahu
nu tiluan kakawihan

“Tin, tin, Manintin
toroktok, tok
gengngng!”

Kapanggih ku anak Monyét
clak tumpak parahu
nu opatan kakawihan


“Tin, tin, Manintin
toroktok, tok
nguuuk
gengngng!”

Kitu jeung kitu
disarada patémbalan
suka bungah kakawihan
méméh surup sarangéngé.

SAKADANG MONYÉT MALING CABÉ

Sakadang kuya jeung Sakadang monyét
suka bungah maling cabé
cabé beureum matak uruy
lada haneut kana beuteung.

Seuhah lata-lata, seuhah lata-lata
cabé beureum cabe lada
cabé arasak kacida.

Keur jongjon datang Pa Tani
Sakadang monyét ngabecir
sieun katéwak Pa Tani.

Kuya geuwat gancang nyumput
di tempat nu rada buni
tapi katénjoeun mantén.

Pa Tani bungah kacida
daging kuya rek diolah
lumayan keur deungeun sangu.


Sakadang kuya katéwak
dipangku dibawa balik
dikurung tukangeun imah.

Ngalongok Sakadang monyét
suka bungah ngahilian
cenah bakal dikawinkeun
ka anakna Bapa Tani.

Isukna datang Pa Tani
suka bungah muru kandang
nyorén bedog meunang ngasah.

Pa Tani ambek kacida
nu aya di jero kurung
bangké Sakadang monyét.

Monyét morongkol dicekel
dibalangkeun ka nu bala
monyét cengkat ngaréngkénék
ngabecir lumpatna tarik.

SAMAGAHA

Bulan di langit ngaleungit
meureun disumputkeun naga
bumi alam poék mongkléng.

barudak récét di buruan
sorana patembalan
Samagaha! Samagaha!

Aya kahariwang
dina haté séwang-séwangan
bulan sirna.

Ting berebet barudak ka pipir imah
tutunggulan dina lisung
rampak narakol kohkol
ngusir naga sina nyingkir
naga nyingkah
bulan ngempur
bumi alam caang deui.

NINI ANTÉH

Di langit bulan nembongan
cahayana hurung ngempur
ngadamaran alam dunya.

Di bulan Nini keur anteng
ngentrung ninun kaén poléng
awak Nini mani bongkok
balas terus baé ninun
meureun geus rebuan taun.

Di bulan Nini bumetah
dibaturan Candramawat
buluna nu tilu warna
watekna matak diasih.